LATIHAN SOAL UAS GANJIL XII 2015-2016 1. Umumna nu disebut puisi buhun téh karangan wangun puisi anu kauger ku patokan jeung aturan-aturan, boh aturan ngagunakeun kecap boh aturan dina maké atawa ngagunakeunana. Puisi buhun nu tujuanana pikeun ngadatangkeun kakuatan goib keur anu macakeunna, nya éta …. a. pupuh d. mantra b. sawér e. sisindiran c. guguritan 2. Mantra nu gunana pikeun ngalancarkeun pagawéan sapopoé, nya éta ... a. sawér d. jangjawokan b. wawacan e. rajah c. guguritan 3. Sedegkeun prosés atawa léngkah-léngkah dina nyieun pupuh anu eusina mangrupa déskripsi ngeunaan hji barang atawa kajadian, umumna panjang, disebut .... a. guguritan d. pupuh b. ngagurit e. wawacan c. Pantun 4. Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal a. basa b. lentong c. kamampuh ngawasa eusi d. legana panggung jeung rohangan e. sikep awak jeung dangdanan 5. Dina ngoméntaran biantara téh diantarana merhatikeun pasemon kudu nandakeun daria. Kecap nu dicondongkeun dina ungkara di luhur ngabogaan harti …. a. sikep awak b. éksprési awak c. ékspré beungeut d. papakéan nu digunakeun e. bedas jeug nuyun 6. “ Alhamdulillah urang sadaya tiasa …. mungpulung, …… merbayaksa dina ieu acara.” a. kempel, hémpak b. patepung, hémpak c. riung, hémpak d. hémpak, patepang e. jonghok, hémpak 7. “ Solawat miwah salam mugia salamina …. Ngagolontor ka Jungjuna urang sadayana nya éta Nabi Muhammad SAW” a. ngocor d. manteng b. ngucur e. kahatur c. ngécrét 8. “Kersana bapa kepala sakola anu ku sim kuring ….” a. dipicinta d. dipiasih b. hormateun e. dipikadeudeuh c. dipihormat 9. Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancén/tugas sok disebut …. a. biantara bubuka b. biantara panutup c. biantara sambutan d. biantara pertanggungjawaban e. biantara mangaruhan batur 10. Nilik kana eusi carita jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Aya dongéng jalma biasa, dongéng sasatoan, dongéng sasakala jeung dongéng anu patali jeung mahluk gaib. Sedengkeun dongéng nu ngandung unsur sajarah mah disebutna… a. sasakala d. sagé b. miteu c. pamuk e. pabel 11. Salah sahiji sipat tina dongéng téh anonim, ngandung harti .... a. puguh nu garangna d. taya pangarangan b. teu puguh caritana é. pamohalan c. teu puguh jejerna 12. Sedengkeun juru dongéng nu kawentar di Sukabumi nya éta …. a. Mang Didi d. Mang Sofyan b. Wa Képoh é. Mang Rahmat c. Mang Dédi 13. Paguneman téh mangrupa kagiatan nyarita dua arah. Maksudna ny éta .... a. aya nu nanya aya nu ngajawab b. aya nu ngajawab aya nu nanya c. teu ngajawab teu nanya d. bisa nanya bisa teu nanya e. bisa nanya, maréntah, jeung ngajawab 14. POLA PAGUNEMAN Panyatur …… Objek Obrolan Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan pola paguneman di luhur nya éta … a. Pamiarsa d. Ngawawarkeun b. Paguneman é. Panyatur c. Médiator 15. “Baheula duka sabaraha taun ka tukang, Gunung …… kaléreun Bandung bitu. Laharna mancawura, ngaley palid ka béh kidul jeung kulon. Nepika meungpeukan walungan …….,palebah nu kiwari disebut Sanghiang ….. pernahna aya kiduleun Rajamandala.” a. Tangkuban Parahu, Ciliwung, Widi b. Tangkuban Parahau, Citarum, Tikoro c. Burangrang, Ciliwung, Sangkuriang d. Burangrang, Citarum, Tikoro e. Sunda, Citarum, Sangkuriang 16. “ Ki, manawi …. perkawis Talaga Bandung?” a. uninga d. nyaho b. terang e. apal c. paos 17. Punten Pa, abdi ……. waktosna sakedap, abdi bade ngiring tumaros” a. ngaganggu d. ngagawel b. maksa e. ngawagel c. nyuhunkeun 18. Morpologi téh mangrupa élmu nu maluluh jeung ngaguar asal-muasal, prosés, parobahan wangun kecap jeung parobahan harti kecap. Harti kecap anu can ngalaman parobahan wangun jeung harti istilahna sok disebut harti …. a. améliorasi d. gramatikal b. sinéstésia é. dasar c. léksikal 19. Di handap ieu kecap nu mibanda rarangkén tukang +ing/ning, iwal …. a. bakating d. dipahing b. piraning e. éstuning c. anaking 20. Kalimah paréntah di handap nu pungsina pikeun ngajak nya éta .... a. Lina pangnyandakeun cai sagelas! b. Lani badé angkat ka pasar moal? c. Upami Léna badé mulih ti payun mah mangga! d. Kadé Léni mah ulah waka balik ayeuna! e. Hayu urang bareng we balikna ayeuna! 21. Kalimah paréntah nu pungsina keur nyaram ieu di handap, nya éta .... a. A, pangmésérkeun balon nya! b. Teu kénging siang teuing angkatna! c. Cokot pulpén! d. Hayu urang ka pasar! e. Jig atuh geura indit bisi kaburu hujan! 22. “ Dagoan heula ... , ménta cai sagelas, asa hayang nginum heula!” a. sakedap d. sakapeung b. sakedeng c. saliwat e. Sakeudeung 23. “Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.” a. saréna d. réhatna b. bobona e. kulemna c. modokna
24. Aki = “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?” a. nyekelan b. padaharan d. dumasar c. kunaon é. Beuteung 25. Karangan anu sipatna ngajelaskeun hiji hal nepi ka bubuk leutikna disebut karangan …. a. persuasi b. narasi d. eksposisi c. deskripsi e. puisi 26. Karangan nu wangunna artikel biasana dimuat dina koran atawa majalah. Kecap nu dicondongkeun kagolong kana …. a. buku pelajaran d. antologi b. kalawarta e. buletin c. modul 27. Daérah nu baheulana kawentar jadi lumbung padi di Jawa Barat malah nasional, nya éta …. a. Karawang d. Jampang b. Cianjur e. Purwakarta c. Subang 28. Dina prak-prakan nyawah di tatar Sunda aya dua wanda sawah. Aya Sawah nu ngagunakeun cai ti irigasi, kaayaan cai mayeng, jeung aya sawah nu ngan bisa digarap nalika datang cai hujan hungkul nu sok disebut sawah …. a. jeledug d. huma b. geleduj e. situ c. geledug 29. Melak paré téh salian ti di sawah anu ngagunakeun cai bisa ogé dilakukeun dina lahan anu teu ngagunakeun cai sacara langsung anu sok disebut …. a. tandur d. ngaseuk b. ngahuma e. ngaburujul c. ngebon 30. Di handap ieu nu mangrupa tahapan atawa runtuyan melak paré di sawah nu bener, nya éta …. a. ngawur, tebar, babut, tandur, ngagemuk, ngarambet, dibuat b. nyambut, tebar, babut, tandur, ngarambet, ngagemuk, dibuat c. ngawuluku, ngaseuk, ngagemuk, ngoréd, dibuat d. nyacar, ngaduruk, ngaseuk, ngagemuk, ngoréd, di buat e. ngaléktor, ngaburujul, ngeprék, motong, jeung nganglér 31. Sedengkeun nu mangrupa tahapan tani melak paré di darat atawa dikebon, nya éta …. a. ngawuluku, tebar, babut, tandur, ngagemuk, ngarambet, dibuat b. nyambut, tebar, babut, tandur, ngarambet, ngagemuk, dibuat c. ngawuluku, ngaseuk, ngagemuk, ngoréd, dibuat d. nyacar, ngaduruk, ngaseuk, ngagemuk, ngoréd, di buat e. ngaléktor, ngaburujul, ngeprék, motong, jeung nganglér 32. Sedengkeun nu disebut celetu nya éta …. a. kembang buah paré anu masih barodas b. paré beuneur héjo c. buah paré narik beuneur konéng d. ngagarisan sawah nalika rék melak pare e. sawah nu kacaianna dina waktu usum hujan 33. Nu kaasup kana kalimah langsung di handap ieu nya éta .... a. Mira ngajelaskeun ka nu haladir, yén éta acara téh dilaksanakeunana enggoning ngébréhkeun rasa kabungah. b. Mira ménta dihampura ka nu kaladir, saupama éta acara téh kurang nyugemakeun. c. Saméméh Mira macakeun runtuyan acarana, leuwih ti heula ngajak hadirin macakeun basmalah babarengan. d. Saméméh acara dimimitian, Mira nyarita heula ka nu haladir, “Sateu acan simkuring ngaoskeun runtuyan acara, sumangga urang buka ieu acara ku maoskeun basmalah sasarengan!” e. Mira nitah kuring kabéh maca basmalah saméméh nyaksikeun acara anu bakal lumangsung. 34. Anu anon Gatotkaca ditimbalan majeng jurit sukalillah henteu baha sanajan geus terang sidik yén anjeunna geus pasti dina perang bakal pupus ku margi sanés pantar ngamusuh Karna nu sakti nanging manah henteu nyoréang ka tukang sanggeus niténan rumpaka di luhur kaasup kana pupuh .... a. sinom b. durma c. balakbak d. pangkur e. kinanti 35. pupuh téh aya tujuh belas tur mibanda watek séwang-séwangan. Watek pupuh balakbak nya éta ... a. sedih b. heureuy c. ambek d. kaagungan e. gumbira 36. Puisi heubeul/buhun téh kauger ku patokan dina nyiptakeun jeung ngagunakeunana. Sedengkeun jumlah engang dina sapadilan disebut ... a. gurulagu d. gayabasa b. guruwilangan e. babasan c. purwakanti 37. Ngantos dua buta ngumpul Gatotkaca ngapung deui bari ngintip tina méga ka dua buta geus sidik arék ngagencét Pandawa Gatotkaca taki-taki Gurulagu jeung guruwilangan tina rumpaka di luhur nya éta .... a. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8a b. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i c. 8o, 8e, 8a, 8eu, 8a, 8i d. 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8é e. 8u, 8i, 8a, 8e, 8o, 8a 38. “Bulan keur ngintip dina sela-sela méga”. Kaasup kana gaya basa .... a. Hurunan d. parsprototo b. Mijalma e. métapora c. Kadalon 39. Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut …. a. rétorismeu d. retorika b. purwakanti e. gaya basa c. mamanis basa 40. Dumasar kana tujuanna biantara téh aya tilu rupa. nu kahiji mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu biatara, Nu ka dua méré informasi atawa warta, sedengkeun nu katilu nya éta …. a. maksa d. ngabekelan b. mangaruhan e. ngahibur c. nyingsieunan 41. Dina wanda/jenis biantara aya nu disebut Mémoritér, maksaudna …. a. biantara ngagunakeun naskah b. biantara ngagunakeun poko-poko bahasan c. biantara ku cara ditalar d. biantara anu ngadadak/teu persiapan e. biantara dina pasanggiri 42. Biantara nu dina prak-prakanna ngagunakeun gurat-gurat badag atawa garis besar, disebut biantara …. a. mémoritér d. ékstémporan b. manuskrip e. hutbah c. impromptu 43. Kecap MC téh asalna tina kecap … a. Muster of ceremony b. Master of ceremony c. Muster op seremoni d. Master op ceremony e. Muster of cerremony 44. Satiap jalma boga kasempetan pikeun jadi MC, boh mandu acara dina kagiatan nu sipatna rohaka boh dina acara nu basajan. Nu mangrupa modal dasar dina profesi MC profesional nya éta …. a. Beungeutna kudu geulis atawa kasép b. Awakna kudu jangkung badag c. Awakna kudu jangkung leutik d. Mibanda wawasan nu lega e. Mibanda sora anu buleud tur kuat 45. Dina mandu acara atawa panata acara boga kawajiban nepikeun jeung ngatur nu bakal kapidangkeun jeung nu bakal lumangsung dina éta acara. Basa nu dipaké dina mandu acara atawa MC nya éta basa …. a. lemes d. sapantaran b. loma e. ka sahandapeun c. kasar 46. Dina mandu acara urang kudu merhatikeun pilihan kecap sangkan murwakanti. Tujuanana sangkan …. a. hésé macana b. babari macana c. genah macana d. genah ngadéngénan e. genah maca jeung ngadéngéna 47. Ungkara nu pantes pikeun ngahaturanan ka nu rék midang nya éta … a. “Acara salajengna nya éta biantara pamapag anu baris didugikeun ku pangersa bapa kepala sakola, pangersa bapa kepala sakola sumangga dihaturanan” b. “Acara salajengna nya éta haleuang ayat suci Al-quran anu baris didugikeun ku bapa Hadi, ka pa Hadi disumanggakeun” c. “Acara salajengna nya éta tampilan musik anu bakal didugikeun ku grup nasyid SMAN 2 Sukabumi, sok geura der ah!” d. Acara Salajengna nya éta ngadu’a, anu baris dingpin ku pa H. Zénal Arifin, kanggo bapa H. Zénal waktu sareng tempat dihaturanan e. Acara salajengna nya éta biantara pamapag anu baris didugikeun ku pangersa bapa kepala sakola, pangersa bapa kepala sakola disumanggakeun” 48. “Supados teu nyakolong teuing kana waktos sumangga ieu acara urang kawitan.” Kecap nyangkolong miboga harti …. a. nyentug d. nambahan b. nyinggung e. ngadahar c. méakeun 49. “Sateu acan ieu acara dikawitan …. Sim kuring kanggo maoskeun …. acara anu baris kapidangkeun” a. widian, runtuyan d. widian, runtutan b. idinan, susunan e. ijinan, runtuyan c. ijinan, draf 50. “Sim kuring pun Dédé Ruska sateu acan amit … amit mundur seja nyuhunkeun dihapunten. Boh bilih aya basa nu kirang …., langkung saur bahé ….., bobo sapanon carang sapakan, bilih kirang dingding …., neda ageung cukup lumur jembar hampura anu …. a. mungkur, merenah, carék, kelir, diteda b. indit, merenah, carék, kelir, diteda c. mungkur, pas, carék, kelir, ditedda d. mungkur, merenah, caram, kelir, diteda e. mungkur,merenah, carék, kelir, didahar |